Lagu dari Lemahabang Bekasi

Kang Ending Hasanuddin - Seniman Lemahabang Bekasi Teater Jamblang (Jalinan Main Bocah Lemahabang) di acara pembukaan rumah baca HOS Tjokroaminoto di Sekolah Dhuafa
Saya gak sempat menyaksikan Teater Jamblang (Jalinan Main Bocah Lemahabang) di acara pembukaan rumah baca HOS Tjokroaminoto di Sekolah Dhuafa kemarin (22 Feb 2015). Tapi saya sempat mendapatkan lirik beberapa lagunya, saya rasa sayang jika catatan lirik ini hilang.

Seniman Lemahabang Bekasi
Kang Ending Hasanuddin - Seniman Lemahabang Bekasi
[foto by: Bang Are - Babelaninfo.com]

LEMAHABANG BAHEULA

Tuh di Lemahabang
Aya na
Lio batu bata
Baheula

Di kota ngabangun
Nganggo Bata
Eta bata Lemahabang

Tuh di Lemahabang
Aya na
Panggilingan beras
PT. Arnold

Baheula na nganggo
Angkutan Lori
Jalan dogong Lemahabang

Tuh di Lemahabang
Bekasi
Diserat sejarah
Syiar Islam

Ditahun sarebu
Opat ratus
Salapan dua masehi

Yu hayu hayu hayu urang
Sami-sami
Name Lemahabang
Aya keun dei
Supaya dikenang
Ku generasi
Anu aya di Bekasi

(Feb 2014)

LEMAHABANG

Abdi bungah pisan
Dilahirkeun di Lemahabang
Abdi kudu wanian
Ngamakmurkeun ngaran Lemahabang

Kajeun Lemahabang
Ngaran na teh tos teu aya
Tapi di hate urang
Lemahabang ngaran na aya

Hayu ameng ka Lemahabang
Ulah ragu atawa bimbang
Lemahabang kota islami
Jeung perjuangan

(*Agustus 2014)


INDONESIA

Haturnuhun ka Endonesia
Haturnuhun ka Endonesia
Haturnuhun Endonesia negeri nu subur
Negri tentram aman jeung makmur

Negri nu subur
Negri nu makmur
Endonesia negri ku abdi cintai

Abdi teh sono
Ka Endonesia
Endonesia teh tetap aya di hate

*Februari 2014


YU URANG JALAN-JALAN

Yu... urang jalan-jalan
Mapay sawah jeung tegalan
Tuh aya susukan
Hayu urang laluncatan

Ji... dua... tilu luncat
Ji... dua... tilu luncat

Yah kacebur

*Mei 2012

ORAY-ORAYAN

Oray-orayan luar leor mapay sawah
Tongka sawah di sawah loba nu mandi
Saha anu mandi
Anu mandi budak angon

Hey... hey...

*Juni 2013

TAH SORA BEDUG BATUR

Tah sora bedug batur
Tanda geus magrib
Geus nitah leureuh ulin
Ngajak ka masjid

Belah kulon
Belah wetan
Yu....yu... urang ka masjid
Yu....yu... urang ka masjid

Tah... tah.... tah... tah
*Mei 2002


Encok Mondok

Encok mondok
Saboboko
Di pacok ku hayam jago
Di templok ku munding hejo
Nyolopos
Pos... pos... pos...
Ngagolentrang
Trang... trang ... trang...

Trang... trang...golentrang
Si londok paeh nundutan
Di plototan ka indung embe
Di gogogan ku anjing gede
Ari gog... gog... berele
Le... le... le...
*Januari 2014



Posting Komentar

No Spam, Please.